Hanjuang nu ngabatu

Duh geulis…hate akang tiris ku hujan kapeurih
Ngagerih ati sumarambah kana bayah
Ragab ka wanci era ku duriat nu ngancik
Terus miharep simbut panyinglar katresna
Ti anjeun tempat pangulinan lamunan
Kabeuweung kamana bae hate ngumbara
Kawengku ku laku jadi baju saestu

Duh geulis ..hate akang tireb ku ibun kasepi
Lieuk dengeun ragap taya
Mapay dahan panangeuhan taya kaharti
Kacinta anjeun ngan ukur patilasan lamunan
Singkur saukur gugupay hate nu ngahelas
Duriat hate jadi hanjuang nu ngabatu
Ciciren kamelang samoja kacinta

==============================================

Moal luntur ku waktu, moal leeh ku boeh, moal ingkar ku jaman

13 Tanggapan

  1. asyik nu kahiji yeuh….commentna naonnya?

    o enya salam kanu geulisna nya kang 🙂 hehe

  2. Eta meuni atoh… make rerengkenekan deui… ha.. ha..
    “heup ah” tong ajrag-ajragan teuing neng … yeee….. entosss eureun bilih labuh.

    Iya atuh.. ke di wartoskeun… ka neneng yang lagi somseu sama akang lah.

  3. Haduh pujangga Sunda, nya saha atuh perempuan nu beruntung teh, kabooh Onta, abdi ngiring bingah lah duka sedih yeuh, kumargi lieur kang jeprut yeuh, Start me Up ceuk Miss Jagger bari ceurik…

  4. aduhh…ga ngari basa sunda nihh…. 😕
    btw, salam kenal…:-)

  5. Gpp tak kenal maka tak sayang, tak sayang maka tak cinta… opooo iki maksud ne..

    Lam kenal balik … makasih dah sempet mampir.

  6. yeeeeeey bakat ning taya kecap yeuh

  7. nya kamana atuh kecapna…. kasima nya

  8. Hi kepedihan ulang taun, buru urang kadaritu murak bolu

  9. euh.. tos… tos.. kang… geura ditikah we atuh… euheuheu…
    yeuh dipangnyandakeun kopi satermos deui… sugan iasa kaupahan… sahenteuna haneut2 atuh hanjuangna ku cikopi mah…

  10. Puguh we ari kahoyong mah, ngan isin ku diri nu sakieu taya daya he.. he.. bakunamah nya eta… tebih teu kaukur ku rebu, anggang teu kahontal ku juta.
    Yaah… segini saja sudah uyuhan Kang hirup… hallah 🙂

  11. uluh meuni kekeh

    @caterpillar: teh teu kabagean boluna….pedit eung jelemateh hehe

  12. Moal luntur ku waktu, moal ingkar ku jaman, moal leeh ku boeh, mung eleh kunu soeh… hikz…

  13. Tuda nu kitu mah matak maruringkak kana bulu irung kang…. haneut2 kuku ha.. ha…

Tinggalkan komentar