Hariwang tungtung lamunan

panon nyileuk nungturkeun lamunan
milang renghap dina simpena wiati
hariwang tresna kalid sulaya
tunggara ngeukeup bangbaluh
hujan cipanon teu bisa raat
hate raheut nyorang tunggara

hariwang puguh hariwang
bagja hate ukur saliwat
jungjunan jauh ditungtung lamunan
anggang waruga teu karampa
palangsiang ajeun sulaya
ukur nyimbeuhan hate nu simpe
duriat udar tina simpay harepan

@jkt_2222013_11:59PM

Tepis miring panyarandean hate

Waktu poe condong ka kulon
Raga urang cindek paanggang
Tapi soca pateuteup geugeut
Hate ngubara leupas tina simpayna
Sidik urang geus baroga panutan
Gurat seuneu lain hahalang
Bongan urang wani wawuh
Kembang tresna ngawangun rumpaka rasa
Pakait rasa lain dihaja
 
Waktu poe condong ka kulon
Uplek ngobrol meakeun mangsa
Hariwang hamo bisa dibubi-buni
Sorot soca nitenanan tanggal
Limabelas poe datang sajorelat
Wanci paturay baris datang
Hanca urang nalarik jangkar
Pikeun mulang kanu ngantian
Dua hate tetep tibelat
Dumeh hirup halabhab cinta

Waktu poe condong ka kulon
Rundayan katineung rek dipalerkeun
Talaga wening nyangrkrung na soca
Hambar diri pungkas tibelat
Ngalongkewang leupas pamuntang
Kecap pisah mungkasmungkaskeun asih
Wilujeung angkat kadeudeuh hate
Sugan jaga mawa harepan
Sugan poe datang deui keur urang duaan
Ngukir carita dina tepis miring panyarandean hate
 
(on2hood – Cipageran, 19 September 2011)

Tungtung lamunan

panon poe nojo hate
nangkeup haneut lelembutan
mangle siloka tungtung lamunan
ngadalaingdingkeun hariring
kawih asih na dasar katineung
ngagalura lebah lolongkrang rasa
jadi kembang panganteur lengkah
gugupay ngajak eunteup ku geugeut
malar janten tarate papaes hate
kantenan dina saliring dumadi
asih ngamalir bukti teu jalir
katresna nu mangkak moal sulaya…