Kagagas… kasiksa

Sada gugur dikapitu
Sada gelap ngadasaran
Kendang sada ciang-ciang
Sadrah tepak raden sancang
Di geng gong tara katembong
Nyeri dumehna patebih
Nalangsa dumehna paanggang
Patepang ukur impian
Tibelat taya kendatna
Hanjelu teu kapegung

Di tangtungkeun wuwuh lanjung
Lir cahya kakalicesan
Wuwuhan nambahan kagagas
Melang barang diri gering
Karasa tunggara mawa rasa
Mumuara na hate katirisan
Sorot mencrong sugan katembong
Sono lawas teu patembong
Patilasan iwal impian

6 Tanggapan

  1. Waduh.. si Akang mah mani tiasaan.. Simkuring mah leres-leres teu ngartos sadaya eta bahasa teh..

  2. Zttt…, istirahat sejenak. Rasakan “pencerahan” dari buku terbitan kami, MUSLIMONOT dan PASTI ADA JALAN. Silakan mampir!

  3. Planet Robot, yup!

  4. aaaaaaaah neangan kamus sunda heubeul haha
    duh2 kuningan gitu lhooo

  5. Kang aya PR buat akang di blog sayah kerjain nya

    http://balisugar.com/2008/08/25/pr/

  6. Sae pisaaan

Tinggalkan komentar