Nyorang Lamunan…

Jentreng kacapi hiliwirna ati
Ngraksuk ngarambah manah
Gelik suling mirig sepina hate
Batin peurih raga kasiksa
Awak saukur kalakai katebak angin
Hate kumejot awak teu wasa
Ati jumerit nyorang lamunan
Waktu sora cai ngagiricik
Waktu angin nu ngahiliwir
Pare koneng ngagupayan
Asa geus deukeut
Asa hareupeun
Lembur matuh karang pamidangan
Kasorang di pangumbaraan

Satu Tanggapan

  1. Sampurasun…nepangkeun abdi pun hileud.

    Mani sae pisan eta puisi, matak waas ka lembur, matak bingah maosna.

    hatur nuhun sok teraskeun abdi bade teras maos ! mamanawian tiasa diajar.

Tinggalkan komentar