Hariwang tungtung lamunan

panon nyileuk nungturkeun lamunan
milang renghap dina simpena wiati
hariwang tresna kalid sulaya
tunggara ngeukeup bangbaluh
hujan cipanon teu bisa raat
hate raheut nyorang tunggara

hariwang puguh hariwang
bagja hate ukur saliwat
jungjunan jauh ditungtung lamunan
anggang waruga teu karampa
palangsiang ajeun sulaya
ukur nyimbeuhan hate nu simpe
duriat udar tina simpay harepan

@jkt_2222013_11:59PM

Panyarandean hate..

Carita anyar keur di sorang
Nu anggang kasampeur deui
Hate jadi ratug tutunggulan
Jungjunan aya hibar ku basana
Sakotret ukur sakotret
Miwaha matak lugina
Hate sirungan deui
Lir kembang nu mekar waktu pasosore

Carita anyar keur di sorang
Panyambung rasa nu kungsi aya
Nu tilem ku lumpatna waktu
Diri anteng kabawa lamunan
Ngorehan basa nu teu kungsi kaucap
Tetep  cindek na dadasar hate
Iwal anjeun panyarandean hate
Hiji rusiah keur urang duaan

 

Tibelat…

dumeh hate terus ngagerendeng
tibelat mah milik saha bae
da puguh keur katalimbeng
sanajan suwung teu kedal basa
angger aya nu diarep-arep
rundayan carita heug geura kotretkeun
lir hariring mapaler tunggara
sanajan ukur sakecap
aweuhan dianti ku hate nu teu uni
rumasa campelak ngabudalkeun kingkin
bongan hate teu bisa buni
nyipen deudeuh dinu panyingkurna
hampura..ukur hampura…