Ceuk Mbah saurna kieu …

Untuk setetes darah…… dalam cawan hati yang terluka

Duh jungjunan sadar eum… tong kamalinaan teuing atuh
ulah nunggu kalangkang robah warna jadi bodas
nyangsareakeun hate ngabelaan angin nu teu bisa di tewak
geura teang dahan nu bisa di pake muntang
geura teang batu nu bisa ditincak geusan nangtung
tong jangkung teuing mawa harepan hate bisi labuhna nyeri
qeura buka tah soca ngarah bisa maca kanu rek wakca
yen hirup geus diciptakeun papasangan
aya beurang aya peuting, aya caang aya poek
hirup, pati, dunya mah…. lain urang nu ngatur
urang teu boga hak…
geura pasrahkeun diri kanu maha suci
hudangkeun harepan anyar sugan kasorang

5 Tanggapan

  1. On2hood how are you ?

  2. mantep euy..

    hirup, pati, dunya mah…. lain urang nu ngatur
    urang teu boga hak…

    satuju!

    btw, tiasa ajarkeun kuring basa sunda?
    kuring teh teu tiasa, padahal urang Bandung dieu…

  3. Rip it up : baik ….. kamu gimana atuh neng ni somseu ka kuring uy…

    bakazero : tergantung niat …… mo mempertahankan budaya or membiarkan budaya itu hilang dengan sendirinya…. tidak kita mumule saur Kang Kabayan mah

  4. duh nembe mudeng yeuh postingan nyindiran pisan ka nyai 😀

    hummm juragan pan tos diwartosan etamah ngan sakur tulisan biasa atuh, taya hubunganana jeung kahirupan nu nyata, duh naha ni loba nu salah paham….hayang ceurik ah dicarekan wae haha.

    tapi Nuhun pisan ah, langkung nganuhunkeun mun aya paket ka rumah sim abdi….buru atuh montong medit 😦

  5. Euleuh teu diditu teu didieu aya ku keukeuh ari gaduh kahoyong teh meuni neuteuli… ke atuh pan akang na rada pakupis keneh yeuh…

Tinggalkan Balasan ke on2hood Batalkan balasan