Mun seug anjeun apal kana sagala eusi hate
Terus lulumpatan mapaykeun jalan laratan
Gandrung liwung meuntasan taun
Ngukur waktu ku simpena hate
Anu nyaring cindek na diri
Diusir sarebu kali lain incah kalah kanceuh
Terus mirig kamana bae hate ngumbara
Bongan hayang kahujanan cai panineungan