Panineungan… duh panineungan

mun seug anjeun apal kana sagala eusi hate terus lulumpatan mapaykeun jalan laratan gandrung liwung meuntasan taun ngukur waktu ku simpena hate anu nyaring cindek na diri diusir sarebu kali lain incah kalah kanceuh rasa salah nu salila ieu ngaguliksek rasa dosa nu salila ieu minuhan hanjelu hate terus mirig kamana bae hate ngumbara bongan [...]

Wilujeng Idul Fitri….

Taqabbalallahu minna wa minkum, shiyamana wa shiyamakum… Wilujeng mapag datangna poe nu suci, hiji poe nu bisa dijadikeun hambalan pikeun ngamimitian lalampahan hirup urang nu rek di sorang… urang kudu niatkeun kualitas hirup leuwih ningkat tibatan taun-taun katukang… bersih diri, bersih ati, bersih jalan sasapuan… ulah sampe kakotoran deui ku kalakay-kalakay kahirupan nu bakal ngarugikeun [...]

Sasambat ….taya daya

Leuleus teu walakaya, sirah cengkat asa ku beurat, awak pasiksak kabisa ukur ngababatang, duuh ieu panon asa docolok nyoco, moal jauh deui ieu awak parna…hate ngarakacak hayang sasambat teu wasa…..moal kitu hirup teh pinuh ku dosa?….Gusti….. pami bae leres, abdi nampi sagala cocoba ti Anjeun……duuuh Ema……Bapa hapunten abdi ….

Ikuti

Get every new post delivered to your Inbox.