Neuteup eunteung…

Neuteup eunteung ngukur kaludeung
Negerkeun hate supaya teuneung
Rumpaka raray gurat kahirupan
Moal bohong da baris katembong
Garis-garis teges balaka carita
Ngingetkeun hirup jeung pangkatna
Neuteup eunteung kalah keueung
Raray ngagambar carita ka tukang
Nyata bengras mawa kareuwas
Panon cinulang jadi hariwang
Hirup pinuh lamokot ku dosa
Nuteup eunteung ukur sakeudeung
Maca raray kalah teu wasa
Rumasa diri loba kurangna
Iwal sumerah neda hampura
Ka pangeran nu kawasa

Bangbara cinta

Bangbara cinta ngulampreng maturan rasa
Jangjang ngeleper mairan hate nu ngageter
Hiber mawa lamunan ka panutan
Euntreup na hate  nu pinuh lambaran kacinta
Lamunan kalimpud ombak harepan
Naratas bagja iwal jeung jungjunan
Hanjakal anjeun teu surti
Hanjakal anjeun teu ngarti

Bangbara cinta angger hiber mapayan hate
Alim padeukeut datang ukur saliwat
Nyarande na hate ukur mepende
Ninggalkeun hate nu katalimbeng
Kapidangdung nyorang tunggara
Dina munggaran katresna
Ka panutan bangbara [...]

Kagagas… kasiksa

Sada gugur dikapitu
Sada gelap ngadasaran
Kendang sada ciang-ciang
Sadrah tepak raden sancang
Di geng gong tara katembong
Nyeri dumehna patebih
Nalangsa dumehna paanggang
Patepang ukur impian
Tibelat taya kendatna
Hanjelu teu kapegung
Di tangtungkeun wuwuh lanjung
Lir cahya kakalicesan
Wuwuhan nambahan kagagas
Melang barang diri gering
Karasa tunggara mawa rasa
Mumuara na hate katirisan
Sorot mencrong sugan katembong
Sono lawas teu patembong
Patilasan iwal impian