Kumaha – Doel Sumbang

Na… hanjakal pisan
Basa anjeun datang
kuring geus duaan
Mun seug lelengohan
moal mikir panjang
sadia marengan
Duuh waas…
silih pikasono
silih pikadeudeuh
silih pikanyaaaah
Kumaha… nya kudu kumaha
da kuring ayeuna geus aya nu boga
hampura… nya kuring hampura
najan dikumaha moal rek ngadua
**
Duuh waas…
silih pikasono
silih pikadeudeuh
silih pikanyaaaah
Kumaha… nya kudu kumaha
da kuring ayeuna geus aya nu boga
hampura nya kuring hampura
najan dikumaha moal rek ngadua
Geus ah kalah lieur [...]

Angin Priangan

Seungit angin priangan
Ngusapan embun-embunan
Duh…embun embunan
Hawar-hawar reureundahan ngahariring
Ayun ambing … ayun ambing
Seungit angin kahyangan
Sumerepna lelembutan
Duh … na lelembutan
Hawar-hawar reureundahan ngahariring
Eling-eling mangka eling
Dengkleung dengdek
Dengkleung dengdek sisilamping
Anu dewek enya anu kuring
Tanah katresna, jati sarakan
Anu tetep marengan nya rarasaan
Dengkleung dengdek … sisi lamping
Anu dewek enya anu kuring
Tanah wasiat tanah duriat
Anu matak tibelat, nya lelembutan

(Cipta : Mang Koko Koswara, Wahyu [...]