panon poe nojo hate
nangkeup haneut lelembutan
mangle siloka tungtung lamunan
ngadalaingdingkeun hariring
kawih asih na dasar katineung
ngagalura lebah lolongkrang rasa
jadi kembang panganteur lengkah
gugupay ngajak eunteup ku geugeut
malar janten tarate papaes hate
kantenan dina saliring dumadi
asih ngamalir bukti teu jalir
katresna nu mangkak moal sulaya…
Filed under: Puisi-puisi










Ngiring curhat kang. Nyukcruk galur nu ka pungkur, nyawang mangsa nu ka tukang, kagagas lalakon nu waas, nganteur tresna mapay2 jalan pang harepan, ngajurung rasa nu ngagalura, rek metik kembang asmara, rek nyeuseup harumna cinta, kersana nu maha kawasa, kembang cinta nu ligar mekar na pangkuan, hiber ka tebak angin kabimbang, hampura kuring gelis !!!
Hatur nuhun… waas macana Kang