Neuteup eunteung…

Neuteup eunteung ngukur kaludeung
Negerkeun hate supaya teuneung
Rumpaka raray gurat kahirupan
Moal bohong da baris katembong
Garis-garis teges balaka carita
Ngingetkeun hirup jeung pangkatna

Neuteup eunteung kalah keueung
Raray ngagambar carita ka tukang
Nyata bengras mawa kareuwas
Panon cinulang jadi hariwang
Hirup pinuh lamokot ku dosa

Nuteup eunteung ukur sakeudeung
Maca raray kalah teu wasa
Rumasa diri loba kurangna
Iwal sumerah neda hampura
Ka pangeran nu kawasa

3 Tanggapan

  1. waduh kang,, blog na tos gaduh PR4,,

    simkuring mo nawisan kerjasama ..
    kanggo bukti sadayana aya di blog simkuring.. mangga dibaca-baca, namina Monetize Blog kang..

    PR4 ane Jamin Bakalan dapet doku nu lumayan tebel…
    kumaha?

    pami minat hubungi ane okehh.. : aleydoank18@gmail.com

    haturnuhun

  2. Bersilaturahmi kepada semua teman-teman

    Minal Aidin Wal Faizin Mohon maaf lahir bathin

  3. Kaangkuuuung…ih ieu jelema kamana wae nyaaa

Tinggalkan Balasan