Bangbara cinta ngulampreng maturan rasa
Jangjang ngeleper mairan hate nu ngageter
Hiber mawa lamunan ka panutan
Euntreup na hate nu pinuh lambaran kacinta
Lamunan kalimpud ombak harepan
Naratas bagja iwal jeung jungjunan
Hanjakal anjeun teu surti
Hanjakal anjeun teu ngarti
Bangbara cinta angger hiber mapayan hate
Alim padeukeut datang ukur saliwat
Nyarande na hate ukur mepende
Ninggalkeun hate nu katalimbeng
Kapidangdung nyorang tunggara
Dina munggaran katresna
Ka panutan bangbara cinta
DIarsipkan di bawah: Puisi










aeh2, kamari teh bade ngencarkeun bangbara geuning hihi
saha tah…saha tah?
ngaku ciaaaaah!
antik, blog dengan bahasa sunda …. mengingatkan pada mantan kekash saya yang juga orang sunda
yeh kamana kang On nya nani jempling
kang dihapus jeblog mah atuh sudah meninggal
Pantesan we atuh kang on2hood da bangbara cinta mah sok nyeureud…. daripada janten bareuh mending diantep ulah sina eunteup. Soalna upami tos eunteup bahaya, komo upami nyeureud ati…. tangtosna bareuhna oge moal laas ku lima taun.
Duh bangbara, prak geura ngumbara
Ngapung ngambah jomantara rasa
Neang sisi lamping ati
Nu kungsi peurih
Ku kolebat panyeureud jamparing salira
Duh bangbara, prak geura neuleuman sagara
Sagara nu pinuh ku ombak cinta
Pabuis ku gelebugna angin asih
Ngabukbak raga nu pasrah
Mung ka anjeun miharep
Miharep….. satungtung angkleung sagara….
Euleuh kang…. abdi mah mung tiasa saklitu, hapunten ah bilih aya anu teu nyararambung, maklum nuju diajar keneh kang.
Baktos,
Rastono