Karasa Parna…

Cindekul awak sakujur
Maca diri geus sakieu uzur
Raga ngan saukur titipan ti Gusti
Cindek diri ngan hiji
Nu jauh kasintung kalapa
Lieuk batur lieuk deungeun
Awak kasiksa…
Lir kalakay katebak angin
Leuleus teu walakaya

Duh ema hapunten putra…
Ieu awak pinuh ku dosa
Kieu rasana jauh ngumbara
Waktu raga karasa parna

Satu Tanggapan

  1. kang…salam kenal,
    meni reuseup macaan puisi akang…, kaleureusan abdi nuju milarian puisi bahasa sunda kanggo tugas pun anak ti sakola. Nyungkeun widina abdi nyadur puisi ieu…
    Hatur nuhun..sateuacanna, hapunteun bilih bahasa abdi kirang mernah…sakantenan diajar deui bahasa sunda

Tinggalkan Balasan